1.Naon nu dimaksud dongeng

Posted on

2.Sebutkeun rupa rupa dongeng
3.Naon nu dimaksud dongeng fabel,farabel jeung sage
4.Sebutkeun nu ka asup dongeng legenda
5.Naon harti dongeng mite sebutkeun salah sahiji conto na
6. Sebutkeun unsur unsur dongeng
7. Naon nu di maksud palaku,paripolah palaku,latar carita jeung galur carita nu aya na dongeng
8. Naon nu dimaksud kalimah transitip sebutkeun contona
9.Naon nu dimaksud kalimah intransif sebutkeun contona
10.Sebutkeun 4 fungsi dongeng​

1.Naon nu dimaksud dongeng

Jawaban:

1. Dongéng nyaéta carita rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan

2. Dongéng dibagi jadi 6, nyaéta :

a. Legenda

b. Fabel

c. Parabel

d. Sage

e. Mite

g. Carita Rakyat

3. a. Dongéng fabel nyaéta dongéng anu palakuna sasatoan nu prilakuna siga jelema (bisa ngomong atawa lainna)

b. Dongéng farabel nyaéta dongéng pikeun nepikeun ajaran moral, agama, atawa kabeneran.

c. Dongéng sage nyaéta dongéng anu aya patalina jeung sajarah.

4. Batu Menangis, Sasangkala Gunung Tangkuban Parahu, Sasangkala Danau Toba

5. Dongéng Mite nyaéta carita prosa rakyat anu nyaritakeun carita anu miboga latar mangsa baheula anu ngandung tafsir ngeunaan alam semesta sarta mahluk nu aya di jerona. Contona : Carita Dewi Sri

6. a. Alur carita

b. Téma

c. Latar

d. Tokoh

e. Paripolah palaku

f. Amanat

g. Galur carita

h. Gaya basa

7. a. Palaku nyaéta jelema atawa sasatoan anu muncul dina dongéng.

b. Paripolah palaku nyaéta jejer atawa sipat anu aya dina palakuna.

c. Latar carita nyaéta katerangan atawa panunjuk anu aya kaitanana jeung waktu, tempat, atawa suasana

d. Galur carita nyaéta runtuyan carita

8. Kalimah transitip nyaéta anu predikatna mibutuh objek. Contona : Budi keur najong bola

9. Kalimah instransif nyaéta kalimahnu teu butuh objek. Contona : Mirna mah rieut

10. a. Keur hiburan

b. Pikeun nambihan wawasan

c. Pikeun ngajaga warisan karuhun

d. Pikeun sarana ngamumulé ahlak