10 conto kecap tantetan

Posted on

10 conto kecap tantetan

Di handap aya sawatara conto kecap kantétan dumasar kana cara pikeun pangwangunna:1)Kantétan kecap jeung kecap, contona: julang ngapak, héjo tihang, randamidang, panonpoé, beureum panon.2)Kantétan kecap jeung cakal, contona: kurang ajar, garo singsat, anjang sono, kagok asong, kunang iteuk.3)Kantétan cakal jeung cakal, contona: adug lajer, pakan kundang, adung songkol, huleng jentul, halang rintang.4)Kantétan kecap jeung morfem unik, contona: sabar darana, hésé béléké, bérés roés, keukeuh peuteukeuh.5)Kantétan nu susunan unsur pangwangunna henteu sagemblengna produktif, contona: dulang tinandé; euweuh boboko tinandé atawa halu tinandé, burusut tuluy; euweuh barakatak tuluy atawa torojol tuluy.