2. Alun-alun paleuweungan, Gagal temen mun teu jadi.

Posted on

2. Alun-alun paleuweungan, Gagal temen mun teu jadi.

Jawaban Terkonfirmasi

Kategori Soal : Bahasa Sunda – Sisindiran
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :

Kalimah atawa kekecapan "Alun alun paleuweungan, Gagal temen mun teu jadi" nyaeta kekecapan nu aya dina hiji sisindiran wawangsalan. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Isi salengkepna tina eta sisindiran nyaeta :

Alun-alun paleuweungan,
GAGAL temen mun teu jadi (wangsalna TEGAL).

Umpama ditilik tina eusi atawa maksudna, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran nu eusina mangrupa silihasih, jeung sisindiran nu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Conto sisindiran nu di luhur nyaeta sisindiran wawangsalan anu eusina mangrupa silihasih atawa asmara.

Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sapdalisan sisindiran biasana aya dalapan engang atawa suku kata. Dina sisindiran aya bagian cangkang atawa sampiran jeung bagian eusi.

Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi.

Dina paparikan jeung rarakitan mah hubungan purwakanti bagian cangkang jeung bagian eusi bisa jelas kaciri. Sedengkeun dina wawangsalan mah henteu jelas kaciri. Dina wawangsalan hubungan antara cangkang jeung eusi bisa kaciri ku ngabandingkeun harti padalisan kahiji jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua.

Saperti dina conto di luhur, harti tina padalisan kahiji (cangkang) "Alun-alun paleuweungan" nyaeta TEGAL. Salahsahiji kecap dina padalisan kadua (eusi) anu murwakanti jeung kecal TEGAL nyaeta kecap GAGAL. Dina wawangsalan, kecap TEGAL saperti dina conto diluhur disebut "wangsalna".

Sisindiran teh mangrupa salahsahiji  puisi wangun puisi Sunda. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi SUnda, nyaeta puisi nu eusina mangrupa carita jeung puisi nu eusina henteu mangrupa carta. Conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda nu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, sajak, mantra pupujian jeung guguritan.