Jieun hiji sajak basa sunda min. 4 bait……….Tolong bantuannya!

Posted on

Jieun hiji sajak basa sunda min. 4 bait……….Tolong bantuannya!

Karatagan Pahlawan

Teu honcewang
sumoreang
tekadna pahlawan bangsa
cadu mundur
pantrang mulang
mun maksud tacan laksana

barjuang keur lemah cai
lali rabi tur tegang pati
taya basa menta pamulang tarima 
iklas rela keur korban merdeka

sinatria danalaga 
bela bangsa jeung nagara
dibarengan tekad suci 
berjuang keur lemah cai

teu ngingetkeun ka dirina 
asal nagri bangsa waluya
kadar jembar raharja mukti wibawa
gembleng tujuan pahlawan bangsa

sekian