Nyaritaken naon isi kakawihan cingciripit teh
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : – (SD)
Pembahasan :
Lagu atawa kakawihan Cingciripit teh nyaeta nyaritakeun "tulang bajing anu kacapit ku hulu pare anu pangseukeutna". Sabenerna eta lagu atawa kakawihan teh henteu miboga carita anu puguh, tapi ngan saukur lagu anu dipake pikeun ulin, nyaeta ulin ucing-ucingan.
Dina lalaguan Sunda, lagu Cingciripit teh kaasup kana lalaguan Sunda anu disebut kakawihan. Aya sawatara rupa lalguan Sunda, nyaeta saperti kakawihan, kawih jeung tembang. Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.
Jadi, Cingciripit teh lain kawih, tapi kakawihan. Bedana kawih jeung kakawihan nyaeta yen kakawihan mah biasa dihaleuangkeun dina waktu keur ulin atawa keur digawe, sedengkeun ari kawih mah dihaleuangkeunnana iraha bae.
Eusi kakawihan Cingciripit teh henteu miboga harti atawa maksud anu puguh, tapi ngan saukur kakawihan pikeun digunakeun keur kaulinan. Kakawihan lianna anu henteu miboga harti atawa maksud anu puguh nyaeta saperti kakawihan "Bang Bang Kalima Gobang", anu sabagian rumpakana dijentrekeun di handap ieu :
Bang Bang Kalima Gobang
Bang kalima gobang… bang
Bangkong ditengah sawah… wah
Wahai tukang bajigur… gur
Guru sakola désa… sa
Saban poé ngajar… jar
Jarum paranti ngaput… put….jeung saterusna
Jadi, kakawihan Cingciripit di handap ieu oge miboga harti atawa maksud anu rek sarua jeung kakawihan Bang Bang Kalima Gobang, nyaeta ngan sakadar ngulang-ngulang kekecapan anu murwakanti anu eta kakawihan teh digunakeun pikeun ulin wungkul :
Cingciripit
Cingciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku hulu pare
Hulu pare seuseuketna
Jol pak Dalang
Mawa wayang
Jrek jrek nong