Dina kamekarana dongeng sumebar di masyarakat sacara​

Posted on

Dina kamekarana dongeng sumebar di masyarakat sacara​

Jawaban:

Dina cara sumebarna dongeng nyaeta sacara lisan atawa tatalepa. Kusabab dongeng sumebarna sacara lisan, carita anu aya dina dongeng sok loba versina atawa unggal daerah miboga versi anu beda-beda ngeunaan hiji dongeng anu sarua. Salian ti eta, kusabab dongeng sumebarna sacara lisan tatalepa, anu ngarang atawa anu nulis dongeng mah sok sering tara kanyaohan atawa anonim.

Umpama ditilik tina sisi karya sastra, dongeng teh kaasupna kana karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Dongeng teh kaasupna kana prosa buhun. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto karya sastra dina wangun prosa buhun lianna nyaeta carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa moden nyaeta novel jeung carita pondok atawa carpon.