Jelaskeun definisi tina kebon
Jawaban Terkonfirmasi
Definisi kebon nyaeta tempat atawa lahan anu disadiakeun husus pikeun dipelakan ku tutuwuhan atawa tatangkalan. Kebon bisa di pakarangan imah, di pipir atawa di tempat husus lianna anu leuwih gede ti batan lahan nu aya di pakarangan imah atawa pipir imah. Kebon anu gede asalna bisa wae mangrupa leuweung.
Ari leuweung mah lahan anu dieusi ku tutuwuhan atawa tatangkalan tapi teu ngahaja diurus, sedengkeun ari kebon gede mah bisa mangrupa lahan anu siga leuweung tapi ngahaja diurus atawa dirawat jeung dijaga. Tajur nyaeta kebon husus anu dipelakan ku bubuahan. Kecap kebon oge bisa dilarapkan dina "kebon binatang".
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : – (SMA)
Kata Kunci : Definisi kebon