Sajak Black Sabbath Godi Suwarna

Posted on

Kapan anjeun nu nyorowokeun sora dajal saban wanci. Sora sora Jerit gitar pamapas saban mamaras. Laju mangpirang-pirang rumaja ngagereumkeun sabda dajal ka dunya nu nganaraka. Sihung anjeun
sihung dajal ngincer saban wening batin. Wah, rumaja nyarihung dajal
ngincer kolot séwang-séwang. Basa gumuruh dram ngendag-ngendag
saban léngkah, mangpirang-pirang rumaja témbong kukuna ranggéténg, témbong sihngna nyanggéréng, “Manjuu! Maju di jalan sétaaan!” opat oktap anjeun nyorowokkeun kecap. Breng, mangpirang-pirang rumaja tingbelesat ngawang-ngawang; ngusak-ngasik saban pura, ngusak-ngasik saban kuil, ngusak-ngasik saban masjid, ngubrak-ngabrik garéja. Anjeun ngahaja ngebulkeun héktaran mariyuana sangkan haseup ngeput jagat pararumaja nyiluman. Haseup ganja ngebekan dada rumaja. Haseup nérékélan uteuk. Bréh, pirang-pirang panyileukan warna-warni. Bring, saréréa ngarudag fatamorgana, ting salemprung bari témbong silih témprang mun pareng pasilang léngkah. Hiji mangsa: saréréa tingkoléang naringgang leutak naraka,”sétan! Duh, sétan! kuring utusan salira!” cék anjeun binarung imut. (1992)

1. Baca sajak di luhur kalawan gemet sarta terus caritakeun deui eusina kalawan ngagunakeun basa sorangan
2. Pèk ku hidep tèangan :
a. Tema/jejerna
b. Nada
c. Rasa
d. Amanatna

Mohon Bantuannya ​

Sajak Black Sabbath Godi Suwarna

Jawaban:

A tema / jejerna

Penjelasan:

maaf ya kalau salah….