Naon ari harti na monyet ngagugulung kalapa

Posted on

Naon ari harti na monyet ngagugulung kalapa

Monyet ngagugulung kalapa hartina anu paling deukeut jeung harti harfiah eta paribasa nyaeta "jalma nu ngan nyaho luarna wungkul, tapi teu apal kana jerona". Sabenerna lamun dina konteks "generalist-specialist" mah, eta "jalma nu ngan nyaho luarna wungkul, tapi teu apal kana jerena" teh hartina sarua jeung generalist, jelema generalist tangtu masih ngabogaan harti positif jeung masih normal, tapi tangtu hiji paribasa dijieun biasana pikeun ngritk/nyindir atawa pikeun muji.

Jadi lamun paribasa eta dihartikeun saperti di luhur bisa jadi kurang tepat. Harti lianna tina paribasa "monyet ngagugulung kalapa" nyaeta "jalma nu boga elmu tapi teu nyaho maksudna atawa teu nyaho cara ngagunakeun elmuna". Aya oge jalma nu make paribahasa eta keur nunjukkeun ka jalma anu ngan saukur bisa nyieun konsep atawa rancana anu alus tapi teu bisa ngaimplementasikeun rancana atawa konsepna sacara bener.

Jadi, paribasa "monyet ngagugulung kalapa" saeutikna ngabogaan tilu harti, nyaeta "jalma nu ngan nyaho luarna wungkul, tapi teu apal kana jerona", "jalma nu boga sasuatu tapi teu nyaho cara ngagunakeunnana", jeung "jalma anu saukur pinter nyieun konsep atawa rencana, tapi teu nyaho kana cara implementasina". Sanajan, harti anu katilu teh  sabanernya jauh jeung harti harfiah tina paribasa eta, tapi harti nu katilu mangrupakeun harti anu paling sering digunakeun pikeun nyindir atawa ngritik hiji kaayaan.