Cari contoh cerita wayang golek basa sunda?
Cerita wayang golek bahasa sunda, Budak Buncir – Dina hiji
poé, Hyang nyarékan Pandawa yén éta Pandawa jeung Kurawa téh ti
leuleutik hayoh wé silih arah pati, ti lelembur silih arah umur. Pan
ceuk batur mah éta téh salah guruna, Hyang. Tah, solusina mah kieu wé,
Pandawa jeung Kurawa wayahna kudu bébésanan. Gatotgaca urang tikahkeun
jeung putri Astina, Déwi Lesmining Puri. Tapi tawaran ieu ditampik ku
Gatotgaca. Saurna mah Gatotgaca téh can hoyong gaduh bojo, da can begér.
Padahal umurna tos ±30 taun. Sabenerna mah Gatotgaca téh ngarasa paur,
dibalik pajodoan ieu aya maksud anu lian ti Kurawa.
Ari Hyang jeung
Pandawa keukeuh Gatotgaca kudu kawin. Puguh wé pakeukeuh-keukeuh. Terus
Semar mamatahan Pandawa, tong sok mamaksa batur. Pék téh Semar
diciduhan, terus ditajong. Daripada dipaksa kawin, Gatotgaca milih
kabur. Hyang nitah Arjuna ngudag Gatotgaca, paksa kadieu deui.
Ahirna
Gatotgaca kapanggih ku Arjuna. Arjuna jeung Gatotgaca duél. Arjuna éléh
ku Gatotgaca. Gatotgaca kabur deui. Kaburna téh ka Partapan Tutugan
Gunung Parasu. Sesepuh di partapan éta téh namina Merakgaca. Merakgaca
mamatahan Gatotgaca yén ancurna hiji nagara téh kusabab budayana tos
ancur. Jati kasilih ku junti. Jadi Aki Merakgaca ngadirikeun pasantrén
supados nagara ieu teu ancur. Si Aki Merakgaca nyarios kitu kusabab
ngira yén Gatotgaca badé néwak Aki gara-gara gaduh pasantrén. Padahal
mah Gatotgaca ka partapan Aki téh bade nyuhunkeun panarawangan, badé
ngabuktikeun dugaan Gatotgaca yén aya maksud liana tina pajodoan
Gatotgaca jeung Déwi Lesmining Puri. Pék téh bener, tina hasil
panarawangan Aki Merakgaca, Gatotgaca téh sabenerna mah rék diracun ku
Kurawa. “Tuh nya pan bener firasat téh”, ceuk Gatotgaca.
Terus
Gatotgaca naros ka si Aki, “Saha atuh pijodoeun Abdi téh Ki?”. Si Aki
ngajawab yén jodo na Gatotgaca aya di Kidul, di nagri Tirta Dahana.
Namina téh Déwi Dahana Wati, putrid Raja Dahana Déwa. Tah di nagri Tirta
Dahana nuju diayakeun sayémbara, saha anu bisa ngéléhkeun jago
sayémbara rék ditikahkeun jeung Déwi Dahana Wati. Jago sayémbarana téh
Patih Nagara Tirta Dahana, namina Tirta Sakti. Tapi Gatotgaca ragu kénéh
bener teu sih jodo Abdi téh éta. Supaya bener-bener nguji kabeneranana,
Gatotgaca di sulap ku Aki Merakgaca jadi pendék, hideung, hina, tapi
jago kénéh gelutna, namina gé diganti jadi Budak Buncir.
Teu lila,
Cépot jeung Pétruk datang, néangan Gatotgaca. Tapi da Gatotgaca na tos
robah rupa, jadi Cépot jeung Pétruk teu kenaleun. Terus si Aki ngabéjaan
Cépot jeung Pétruk yén Gatotgaca keur di kidul, di nagri Tirta Dahana,
sigana mah keur lalajo sayémbara anu diayakeun di Tirta Dahana. Terus
Cépot jeung Pétruk badé nyusul ka Tirta Dahana. “Engké heula, Aki badé
nitipkeun putra Aki, ieu, si Budak Buncir. Hoyong lalajo sayémbara
ceunah”. “Hayu atuh, asal tong ngérakeun”, ceuk si Cépot jeung Pétruk.
Tiluan arangkat ka Tirta Dahana.