Tolong bantu ya !!!

Posted on

buat contoh pidato menggunakan bahasa sunda
Jangan melihat ke google….
bantuinn yaaa

Tolong bantu ya !!!

Jawaban Terkonfirmasi

Assalamualaikum wr. Wb

Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar
rosulullah. Ama badu
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji
sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya
tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka
jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna,
oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya
robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat,
nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun
amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep.
Henteu karaos parantos genep taun urang aya
didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola
ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi
kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba
hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya
tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa
sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan
ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya.
Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng
kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb

Kabersihan sakola
Assallamuallaikum wr.wb
ibu guru ku simabdi dipihormat jeung siswa siswi nu ku abdi dipikacinta.langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng syukur urang panjatkeun ka Allah SWT nuparantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara.para wargi anu simkuring dipihormat dina ieu waktos,abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana.Janten,urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit.ku margi kitu,urang kedah ningkatkeun pala hirup sehat kanggo kapayuna di kawitan ti ayeuna.urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor.bersih tina eta sadaya teh nu didasarkan tina bersihna sucina urang sareng lingkungan disekitar urang.urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.Para wargi anu mulya,cakep sakitu abdi nyanggakeun pihatur,pamungkas pisanggem,bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna,mugi ngersa ngahapunten.
Wassalamuallaikum wr.wb