Dongéng téh nya éta carita rékaan anu ngandung ….
a. pamohalan
b. kanyataan
c. kajadian
d. lalakon
1.
Jawaban:
Kategori Soal : Bahasa Sunda – Dongeng
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Dongeng teh nyaeta carita rekaan anu ngandung unsur pamohalan, nyaeta carita anu eusina pamohalan atawa henteu asup kana akal. Tapi, kusabab dongeng teh eusi caritana sok pamohalan, saperti aya sato atawa tutuwuhan anu bisa nyarita, eusi carita dongeng sok dipikaresep pisan ku barudak.
Kusabab dongeng sok dipikaresep ku barudak, dina carita dongeng sok dieusi ku ajen atikan nu aya mangpaatna pikeun dijadikeun picontoeun atawa pieunteungeun barudak. Dongeng, novel jeung carita pondok bisa sarua mangrupa carita rekaan, tapi biasana dongeng mangrupa carita rekaan nu pamohalan, sedengkeun dina novel jeung carita pondok, sanajan mangrupa carita rekaan, tapi biasana carita rekaan anu asup kana akal.
Jawaban nya "A" Pamohalan