Ari maksud tina ungkara najan raja nyakrawati nyaeta
Arti ungkara "Najan Raja nyakrawati" nyaéta: Meskipun Raja penguasa dunia.
Pembahasan
Ungkara "Najan Raja nyakrawati" téh ungkara nu aya dina pupujian "Éling-éling Dulur Kabéh". Pupujian nyaéta karya sastra Sunda wangun ugeran atawa puisi anu eusina ngandung pépéling atawa ngadu'a kanu Maha Kawasa. Pupujian téh asalna tina kecap puji, anu miboga harti ucapan atawa omongan pikeun ngagungkeun kanu kawasa. Dihandap ieu pupujian "Éling-éling Dulur Kabéh"!
Éling-éling Dulur Kabéh
Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
————————————————
Sabab urang bakal mati
Nyawa dipundut ku Gusti
Najan raja nyakrawati
Teu bisa nyingkahan pati
————————————————
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah kaliwat
Tara ngalakukeun solat
————————————————
Kaduhung kaliwat langkung
Tara nyembah ka Yang Agung
Sakarat nyeri kalangkung
Jasadna teu meunang embung
Pelajari Lebih Lanjut
Pupujian "Éling-éling Dulur Kabéh" dalam Baahsa Indonesia: brainly.co.id/tugas/10612729