2.saha anu nuju biantara teh?
3.dina acara naon eta biantara teh dilaksanakeunnana?
1.naon jejer atawa tema biantara di luhur?
Kategori Soal : Bahasa Sunda – Biantara
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Pikeun ngajawab pananya di luhur, sabenerna eta pananya teh henteu bisa dijawab sabab naskah biantara anu dimaksud henteu ditampilkeun. Tapi, pikeun mere panduan kumaha carana ngajawab pananya di luhur, dihandap ieu nyaeta panduan jeung penjelasan pikeun ngajawab pananya di luhur:
Dina biantara aya susunan biantara jeung aya oge unsur-unsur biantara. Susunan biantara nyaeta salam bubukka, pangbagea, bubuka, eusi, panutup, salam panutup. Sedengkeun unsur-unsur biantara nyaeta nu nepikeun biantara, bahan atawa materi biantara, objek atawa anu ngaregepkeun biantara, sarta tema biantara.
1. Hiji biantara moal aya hartina lamun aya salahsahiji unsur-unsur biantara anu teu dicumponan. Salahsahiji unsur biantara nyaeta tema atawa jejer. Nilik kana susunan hiji biantara, tema atawa jejer hiji biantara teh ayana dina bagian eusi. Kusabab kitu, pikeun nilik naon jejer tina hiji biantara, bisa ditilik dina bagian eusi biantara.
2. Nilik kana susunan hiji biantara, informasi ngeunaan saha anu keur nepikeun biantara, biasana aya dina bagian pangbagea atawa bagian bubuka. Kusabab kitu, pikeun nilik saha anu keur nepikeun biantara dina hiji biantara bisa ditilik dina bagian pangbagea atawa bagian bubuka tina eta biantara.
3. Nilik kana susunan hiji biantara, informasi ngeunaan dina acara naon eta biantara teh dilaksanakeun, biasana aya dina bagian pangbagea atawa bagian bubuka. Kusabab kitu, pikeun nilik dina acara naon hiji biantara teh dilaksanakeun bisa ditilik dina bagian pangbagea atawa bagian bubuka tina eta biantara.
Kata Kunci : Tema biantara, nu nepikeun biantara, biantara