Kumaha kamekaran carpon ti bihari nepi ka kiwari ?

Posted on

Kumaha kamekaran carpon ti bihari nepi ka kiwari ?

Jawaban Terkonfirmasi

Carpon singakatan tina carita pondok. Carpon mangrupakeun karya sastra anu kaasup wangun prosa. Carpon kaasup kana prosa modern, saperti karya sastra lianna nyaeta novel. Sedengkeun conto karya sastra anu kaasup wangun prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang.

Ditilik tina kamekaranana, carpon ti bihari nepi ka kiwari bisa mekar sacara bebas jeung dinamis. Sabab salaku karya sastra wangun prosa modern, carpon bisa miboga tema anu leuwih bebas umpama dibandingkeun jeung dongeng, misalna. Carpon oge ngabogaan sifat anu leuwih dinamis dibanding dongeng anu kaasup kana prosa buhun.