Kumaha wae cara midangkeun warta teh?

Posted on

Kumaha wae cara midangkeun warta teh?

Jawaban Terkonfirmasi

Rupa-rupa cara midangkeun warta nyaeta straight news, depth news, reported, soft news, jeung feature. Warta nyaeta beja atawa informasi ngeunaan hiji kajadian anu bener-bener nyata atawa faktual. Data anu ditepikeun dina hiji warta dumasar kana data anu valid atawa bener jeung asli. Tempat jeung waktu anu ditepikeun dina warta oge jelas, basa anu digunakeun ngagunakeun basa anu kaharti, sarta eusi anu aya dina warta sipatna objektif.

Pembahasan

Dina nulis hiji warta, aya padika anu gampil, saderhana jeung geus dipikawanoh ku balarea, khususna ku wartawan atawa jurnalis, nyaeta anu disebut rumusan 5W+1H. Rumusan 5W+1H teh netelakeun yen hiji warta bisa dianggap eusina cukup lengkep umpama miboga unsur-unsur anu aya dina 5W+1H, nyaeta unsur-unsur what, who, when, where, why jeung how. Di handap ieu dijentrekeun sacara jelas rupa-rupa cara midangkeun warta:

  1. Straight news nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna, henteu ditambahan atawa dikurangan, sarta ngagunakeun basa anu lugas. Straight news sok disebut oge warta langsung  
  2. Depth news nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna sarta ditambahan ku informasi faktual lianna anu aya patalina jeung eta kajadian  
  3. Reported atawa reportase nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna sarta ditambahan hasil panalungtikan atawa pangamatan sarta sumber tinulis anu jelas sangkan anu narima eta warta ngarasa sugema kana eta data anu lengkep.
  4. Soft news nyaeta warta hampang anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna tapi anu dipentingkeun teh nyaeta leuwih tina sisi kamanusaan nyaeta saperti ngajak mikir, ngarasa atawa empati kana eta kajadian  
  5. Feature nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna tapi dilengkepan ku kasang tukang eta kajadian sarta ditepikeun ku ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun rupa-rupa rasa pikeun anu narima eta warta, saperti rasa gumbira, sedih atawa oge humor

Pelajari lebih lanjut

__________

Detil Jawaban

Kelas : VIII

Mapel : Bahasa Sunda – Warta

Bab : 2

Kode : 8.13.2

Kata Kunci : Cara midangkeun warta