Sebutkeun Babagian Surat Naon bae !!

Posted on

a.
b.
c.
d.

(Sebutkan Bagian – Bagian apa aja !!
Pake bahasa sunda yaa please !!)

Sebutkeun Babagian Surat Naon bae !!

Jawaban Terkonfirmasi

Umpama ditilik tina kagunaannana, surat mangrupakeun sarana pikeun nepikeun pesen ataw informasi ti hiji pihak ka pihak lianna. Maksud hiji surat bisa ditilik tina eusi kalimah anu aya dina eta surat. Hiji surat bisa ngabogaan sababaraha rupa kalimah, saperti kalimah wawaran, kalimah pangajak, kalimah panitah, atawa kalimah panyaram.

Umpama ditilik tina eusina, surat bisa dikelompokkeun jadi dua kelompok, nyaeta surat resmi jeung surat teu resmi. Sacara umum, boh surat resmi boh surat teu resmi, ngabogaan babagian surat anu sarua. Sacara umum atawa sacara singget, babagian anu aya dina hiji surat nyaeta titimangsa, bubuka, eusi, panutup. Sedengkeun sacara lengkep, babagian anu aya dina hiji surat bisa saperti titimangsa, ngaran anu dituju, salam bubuka, bubuka, eusi, panutup, salam panutup jeung identitas atawa ngaran anu nulis surat.