Naon ari nu disebut sawala

Posted on

Naon ari nu disebut sawala

Jawaban Terkonfirmasi

Sawala, umpama dina basa Indonesia sok disebut diskusi. Sawala teh mangrupakeun hiji rupa paguneman, anu kaasup paguneman resmi. Paguneman nyaeta kagiatan ngobrol atawa ngawangkong antara dua urang atawa leuwih. Kagiatan ngobrol atawa ngawangkong dina hiji paguneman, sipatna dua rah jeung silih tempas.

Harti sawala, saluyu jeung sipat nu aya dina hiji paguneman, nyaeta kagiatan ngawangkong atawa ngobrol resmi anu ngahaja kumpul pikeun madungdengkeun hiji masalah sarta neangan jalan pikeun ngarengsekeun masalah anu diobrolkeun.