Larapkeun babasan ieu di handap kana kalimah !!!

Posted on

1.ipis biwir
2.adigung adiguna
3.tuturut munding
4.amis Budi
5.nyoo gado
6.buntut kasiran
7.heuras genggerong
8.heureut pakeun
9.kawas toed

Larapkeun babasan ieu di handap kana kalimah !!!

Jawaban Terkonfirmasi

1. Ipis biwir hartina gampang ceurik, babarian atawa epes meer. Nyi Elin mah ipis biwir pisan, teu kaop diheureuyan saeutik oge ngeng wae ceurik.
2. Adigung adiguna hartina gede hulu atawa boga rasa leuwih punjul ti batur. Peupeujeuh hidep dina ngalakonan hirup ulah adigung adiguna, hirup di dunya mah kudu silih asih jeung silih ajenan.
3. Tuturut munding hartina sok nurutun kalakuan batur tapi bari teu nyaho naon maksudna. Ari jadi jalma teh ulah sok tuturut munding wae, kudu sing boga pamadegan sorangan.
4. Amis budi hartina someah atawa ramah. Neng Ati mah geus geulis teh amis budi deuih, matak pikaresepeun.
5. Nyoo gado hartina ngunghak atawa ngaheureuykeun. Ari ka kolot teh ulah sok nyoo gado, kolot mah anu kudu dipikahormat.
6. Buntut kasiran hartina koret atawa medit. Eta budak teh buntut kasiran, piraku dipenta seutik wae teu mere.
7. Heuras genggerong hartina caritaanana kasar atawa teu bisa ngageunahkeun hate batur. Ari ngomong teh ulah sok heuras genggerong, matak pikanyeurieun hate batur.
8. Heureut pakeun hartina teu rea kaboga, teu rea panghalisanana. Karunya eta anak pa lurah nu panggede na mah heureut pakeun, teu siga anakna nu kadua hirupna teh sagala boga.
9. Kawas toed hartina budak nu beuki ngomong atawa celembeng. Eta budak teh kawas toed, teu siga indung bapana nu sakitu cicingeunna.