Naon harti wirausaha dina kahirupan sapopoe

Posted on

Naon harti wirausaha dina kahirupan sapopoe

Kategori Soal : Bahasa Sunda Wirausaha
Kelas : VI (6 SD)
Pembahasan :

Dina kahirupan sapopoe, harti tina wirausaha nyaeta migawe usaha sorangan pikeun nyumponan kabutuhan hirup sapopoena, boh usaha dagang barang boh usaha nyadiakeun jasa. Minangka lawanna tina digawe sacara wirausaha nyaeta digawe jadi pagawe di hiji perusahaan atawa di hiji tempat usaha. Jalma anu ngalakonan wirausaha mah biasana bisa nyiptakeun lapangan pagawean, sedengkeun ari jadi pagawe mah nyaeta ngeusi pagawean anu aya.

Kecap wirausaha asalna tina kecap wira jeung usaha. Wira hartina pahlawan, lalaki atawa wani. Sedengkeun Usaha hartina ikhtiar. Jalma anu ngajalankeun usahana sacara wirausaha, umpama dileukeunan mah usahana bisa jadi gede. Kukituna dina wirausaha mah kudu miboga kahayang anu keyeng pikeun maju. Sabab maju mundurna usaha dina wirausaha mah gumantung pisan kana kaleukeunan anu boga eta wirausaha.