Kaasup kana gaya basa naon nu dipake ku panyajak nepi ka tatar sunda atawa alam priangan teh diibaratkeun mojanglenjangnuhideungsanten

Posted on

Kaasup kana gaya basa naon nu dipake ku panyajak nepi ka tatar sunda atawa alam priangan teh diibaratkeun mojanglenjangnuhideungsanten

Jawaban Terkonfirmasi

Gaya basa anu nyebutkeun alam priangan teh diibaratkeun mojang lenjang nu hideung santen, nyaeta gaya basa mijalma atawa dina basa Indonesia disebut gaya bahasa personifikasi. Dina sastra Sunda, sajak kaasup karya sastra wangun ugeran atawa puisi anu henteu kaiket ku aturan, saperti aturan nu aya dina pupuh. Sanajan sajak henteu kaiket ku aturan, dina hiji sajak aya sababaraha unsur anu bisa dijadikeun aturan atawa patokan, saperti aturan purwakanti jeung gaya basa.

Kekecapan "mojang lenjang" ngibaratkeun yen endahna tanah Priangan teh saperti mojang anu lenjang atawa mojang anu jangkung. Sedengkeun kekecapan "hideung santen", ngibaratkeun yen tanah Priangan teh saperti mojang lenjang anu hideung santen, atawa mojang jangkung anu semu hideung, mulus jeung beresih atawa dina basa Indonesia mah hitam manis.