Naon anu dimaksud dongeng

Posted on

Naon anu dimaksud dongeng

Jawaban Terkonfirmasi

Kategori Soal : Bahasa Sunda – Dongeng
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :

Dongeng nyaeta carita rekaan anu kaasup kana salahsahiji karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa wangun prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng kaasupna kana wangun prosa buhun. Conto wangun prosa buhun lianna, salian ti dongeng, nyaeta saperti carita wayang.

Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta saperti carita pondok atawa carpon jeung novel. Salah sahiji ciri anu utama tina dongeng nyaeta caritana anu pamohalan atawa teu asup kana akal, saperti aya sato atawa tutuwuhan anu bisa ngomong. Tapi justru kusabab caritana pamohalan, dongeng sok dipikaresep ku barudak.