a. bubuka
b. pamungkas
c. eusi
d. salam
e. panaya
Ieu di handap nu teu kaasup kana adegan wawancara nyaeta..
Ieu di handap nu teu kaasup kana adegan wawancara nyaeta (c.) eusi. Adegan utama nu aya dina wawancara nyaeta pananya, sabab ciri has nu aya dina wawancara nyaeta aya adegan tanya jawab. Salian ti eta, dina wawancara oge biasa aya salam, bubuka jeung pamungkas. Kukituna jawaban anu paling bener pikeun pananya di luhur nyaeta jawaban (c.) eusi.
Pembahasan
Umpama dibandingkeun jeung biantara, adegan nu aya dina wawancara jeung biantara aya bedana. Dina wawancara mah adegan nu aya nyaeta salam, bubuka, pananya jeung pamungkas. Sedengkeun dina biantara mah adegan nu aya nyaeta salam, bubuka, eusi jeung pamungkas. Komunikasi nu aya dina wawancara mah nyaeta dua arah atawa dialog, jadi aya adegan pananya. Sedengkeun komunikasi nu aya dina biantara mah nyaeta saarah atawa monologis, teu aya pananya.
Pelajari lebih lanjut
- Naon nu disebut wawancara brainly.co.id/tugas/881807
- Contoh wawancara bahasa Sunda dengan polisi brainly.co.id/tugas/2493406
- Contoh wawancara bahasa Sunda dengan pedagang nasi goreng brainly.co.id/tugas/9597212
__________
Detil Jawaban
Kelas : XI
Mapel : Bahasa Sunda – Wawancara
Bab : 7
Kode : 11.13.7
Kata Kunci : Nu teu kaasup kana adegan wawancara