1.Sebutkeun 2 istilah kadaharan nu asalna ti wewengkon jawa barat lengkep jeung daerah asalna

Posted on

2.Jieun kalimah make kecap di handap ieu,
a. Terekel kalimah na ,?
B. Kakara kalimah na ?
3. Tulis conto kecap nu patali jeung istilah inuman ,
4. Tulis 2 conto kalimah panyaram
Tolong yaa bantu 🙂

1.Sebutkeun 2 istilah kadaharan nu asalna ti wewengkon jawa barat lengkep jeung daerah asalna

Jawaban Terkonfirmasi

1. Kadaharan anu geus kakoncara anu asalna ti wewengkon Jawa Barat nyaeta Dodol Garut jeung Tahu Sumedang :
a. Dodol Garut, asalna ti Garut. Baheula mah teu pati loba rupa-rupa dodol Garut teh, teu cara siga ayeuna. Ayeuna mah aya sababaraha rupa dodol Garut, salahsahiji anu kakoncara nyaeta coklat anu dicampur dodol.
b. Tahu Sumedang, asalna ti Sumedang. Sanajan tahu aya di sababaraha wewengkon, boh di Jawa Barat boh di wewengkon lianna, tahu Sumedang ngabogaan ciri anu khas, saperti anu digoreng garing. Tahu Sumedang kiwari henteu ngan di dagangkeun di Sumedang wae, tapi kiwari geus didagangkeun di sababaraha tempat di luar Sumedang.
2. Conto kalimah anu make kecap terekel jeung kakara :
a. Sabot nempo aya langlayangan ngagantung dina tangkal jambu, Budi terekel naek kana eta tangkal jambu.
b. Kakara oge balik ti sakola, Amir geus berebet lumpat ulin jeung babaturanana.
3. Conto kecap nu patali jeung istilah inuman, nyaeta bajigur jeung bandrek :
a. Bajigur nyaeta inuman khas daerah Sunda anu bahan-bahanna tina cai (digodog), cipati, gula kawung, jeung diseungitan ku daun kawung. Bajigur ngeunahna mah diinum pasosore jeung seupan cau.
b. Bandrek nyaeta inuman khas Sunda anu bahan-bahanna tina cai (digodog atawa ditinyuh ku cai ngagolak), gula kawung, pedes hideung jeung cabe areuy. Bandrek biasana diinum dina waktu peuting, dibaturan ku comro atawa rarawuan.

4. Conto kalimah panyaram :
a. Peupeujeuh ulah miceun runtah di dieu !.
b. Teu kenging parkir di payuneun panto pager !.