Contoh teks bahasa sunda dan terjemahannya

Posted on

Contoh teks bahasa sunda dan terjemahannya

Jawaban Terkonfirmasi

Assalamualaikum wr wb
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu
mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu
tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat
kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga
lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina
sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat
kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun…
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana,
nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang.
Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci
tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu  nyebabkeun
urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung
sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge
kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge
milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih
jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi
anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien… Hayu
urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya
sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha
Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya
basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh
larapna, mugi kersa ngahapunten.




Wassalammu’alaikum Wr. Wb.