28. Naon sababna eusi warta kudu netral (teu mihak ka salah sahiji pihak)?
Jawaban
Sabab, sangkan éta eusi warta téh teu matak nimbulkeun provokasi atawa papaséaan.
Pembahasan
Kecap warta atawa berita, asalna tina basa Sansekerta "viritta" nu hartina béja ngeunaan hiji kajadian atawa hal nu keur kajadian.
Warta téh mangrupa iber atawa béja perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan. Biasana warta téh sok dimuat dina média citak atawa diumumkeun dina radio/TV. Ari jalma nu sok nyieunan warta, sok disebut wartawan atawa jurnalis.
Nulis warta mah rada béda jeung nyieun tulisan séjénna. Ku kituna dina warta mah kudu puguh sagala rupana, copélna kudu nyumponan unsur-unsur pangwangunna anu disebut 5W+1H téa, nyaéta: who (saha), why (naha, ku naon), what (naon), when (iraha), where (di mana), jeung how (kumaha).
Dina nulis warta, urang kudu apal heula sarat-saratna. Sarat-saratna téh nyaéta:
1. Faktual
Hartina, warta téh kudu ditepikeun kalawan sarua atawa sesuai jeung kanyataannana (fakta).
2. Aktual
Inpormasi nu aya dina warta téh kudu peristiwa anu eukeur kajadian di masarakat.
3. Nétral
Hartina, ulah mihak ka salahsahiji pihak. Sabab, engkéna bisi nimbulkeun provokasi atawa papaséaan.
4. Penting
Téks warta téh eusi atawa inpormasina kudu anu penting jeung dibutuhkeun ku masarakat.
5. Lengkep
Hartina, warta téh kudu lengkep sapertikeun kudu aya unsur 5W+1H téa.
──────────────
Pelajari Lebih Lanjut
→ Conto warta di :
──────────────
Detail Jawaban:
♧︎︎︎ Mapel: Basa Sunda
♧︎︎︎ Kelas: 11
♧︎︎︎ Bab: Bab 8 – Warta
♧︎︎︎ Materi: Sarat-sarat Warta
♧︎︎︎ Kode soal: 13
♧︎︎︎ Kode kategorisasi: 11.13.8
⌨︎ Kata kunci: warta, eusi, nétral