3. Sanggeus eusina kapanggih, kakara néangan kekecapan keur cangkangna. Lamun eusina siga di luhur, hartina urang kudu néangan kekecapan atawa kalimah nu sora tungtungna us jeung ong. Upamana nyokot tina ngaran-ngaran bulan:Séptémber bulan AgustusOktober mah loba kosongJadi, sisindiran urang téh lengkepna:Séptémber bulan Agustus,Oktober mah loba kosong.Abdi bogoh ka Kang Agus,Hanjakal kantongna kosong.

Posted on

Jawaban Terkonfirmasi

Kategori Soal : Bahasa Sunda – Sisindiran
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :

Sisindiran nyaeta salahsahiji puisi Sunda nu kaiket ku aturan, nyaeta aturan sisindiran. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Sedengkeun umpama ditilik tina eusi atawa maksudna, aya sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran nu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran nu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Di handap ieu nyaeta conto sisindiran nu rek ku urang dianalisa :

Séptémber bulan Agustus
Oktober mah loba kosong
Abdi bogoh ka Kang Agus
Hanjakal kantongna kosong

Umpama ditilik tina wangun kekecapannana, eta sisindiran teh mangrupa paparikan. Sedengkeun umpama ditilik tina eusi atawa maksudna, sisindiran nu di luhur teh nyaeta sisindiran nu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan ngan saukur aya dua padalisan. Dina sapadalisan sisindiran biasana aya dalapan engang.

Dina sisindiran aya bagian cangkang jeung bagian eusi. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi.

Umpama dina sastra Indonesia, sisindiran teh sok disebut oge pantun. Umpama ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi nu eusina mangrupa carita jeung puisi nu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta saperti carita pantun jeung wawacan. Sedengkeun conto puisi Sunda nu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, guguritan, mantra, pupujian jeung sajak.