Tolong dong!! Tuliskan percakapan yang singkat bahasa Sunda

Posted on

Tolong dong!! Tuliskan percakapan yang singkat bahasa Sunda

Ayu: "Mar, dinten énjing pan aya PR basa sunda disakolaan, kumaha atos didamelan teu acan?"

Mari: "PR..? PR anu mana yu, émang halaman sabaraha PR-na téh?"

Ayu: "Éta anu halaman 12 téa, maenya hilap mar? Kumaha atos didamelan teu acan PR-na téh?"

Mari: "Aih enya! Abdi hilap euy.. Muhun sami yu, abdi ogé teu acan midamelan PR-na euy."

Ayu: "Aduh kumaha ieu téh? Mangkaningan énjing aya pangajarana deuih disakolaan?"

Mari: "Nya.. Leres, jabi ogé abdi tacan ngartos da hésé pisan PR-na téh, kumaha atuh nya?"

Ayu: "Kie wéh atuh, engkin siang sa'atos uwih sakola, urang midamel PR éta sasarengan di bumi abdi, kumaha mar?"

Mari: "Nah, hayu! Tapi engkin rada sontenan wae nya, abdi aya kaperyogian saurna kedah beberes dibumi heula, sareng emam, ganti acuk heula panginten nya?"

Ayu: "Nya atuh mun kitu mah, kumaha lamun tabuh setengah tilu ngadamel PR-na, tiasa teu?

Mari: "Nya, Tiasa."

Ayu: "Muhun atuh.."

Mari: "Engkin siapkeun waé cemilana, pokona mah kaluarkeun kabeh sadayana nu aya dibumi, ulah isin-isin?.. Hehee!

Ayu: " Hehee.. Euy bisa waé, beres deuh pokona mah.. Hehee!"

Mari: "Nya, dugi tiasa patepang deui engkin énjing yu.."

Ayu: "Nya.."