Rarangken tengah anu ngawangun kecap pagawean
Jawaban:
bahasa peringkat menengah yang membentuk kata kerja
Jawaban:
Rarangken Tengah -in- (Diajar Basa Sunda)
Guna jeung harti rarangkén tengah –in-, di antarana:
1. ”Sagala rupa ogé kudu aya perjanjian tinulis.”
Rarangkén –in-, dinu kecap tinulis gunana ngawangun kecap pagawéan (pasip) nu hartina ’geus kakeunaan ku…’.
Conto séjéna: sinerat, ginanjar
2. ”Mudah-mudahan hidep sing pinanggih jeung kabagjaan.”
Rarangkén –in-, dinu kecap pinanggih gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’aya dina kaayaan…’.
Conto séjéna: tinemu
3. ”Prabu Yudistira téh kawéntar raja sinatria.”
Rarangkén –in-, dinu kecap sinatria gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga sipat…’.
Conto séjéna: pinandita
4. ”Upami aya waktos, tinangtos abdi ogé dongkap.”
Rarangkén –in-, dinu kecap tinangtos gunana ngawangun pancén nu mangrupa ’mamanis.’
Conto séjéna: sinareng