Tolong buatkan pupuh balakbak yang simple

Posted on

Tolong buatkan pupuh balakbak yang simple

Aya warung sisi jalan rame pisan; citameng.
Awewena luas luis geulis pisan; ngagoreng.
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet; nyanggereng.

Aya monyet ting guntayang dina tangkal; nerekel.
Jalu bikang jeung anakna sukan sukan; rarecet.
Tingcalekroh (tingcalekroh) ngahakanan manggu asak; teu repeh.

Kocap aya begog nu misah sorangan; garetek.
Kulit manggu rambut pirang-rambut pirang di hakanan; di geset.
Dipiceunan dipiceunan sabab pait karasana; molelel.

Katenjoeun kuindingna di contoan; di pesek.
Nu di hakan eusina anu barodas; amis teh.
Geus kitumah geus kitumah anakna ngarasa bungah; nyerengeh.