Asal mula carita wayang bahasa sunda
Jawaban Terkonfirmasi
Kategori Soal : Bahasa Sunda – Carita Wayang
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Carita wayang nyaeta karya sastra dina wangun prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Carita wayang kaasupna kana prosa buhun. Conto prosa buhun lianna nyaeta saperti dongeng, Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.
Eusi carita wayang dijieun dumasar kana carita anu asalna ti India nyaeta carita Mahabarata jeung Ramayana anu mangrupakeun kitab suci umat Hindu. Sanajan carita wayang dumasar kana carita Mahabarata jeung Ramayana, carita wayang anu aya di Indonesia, caritana geus kapangaruhan ku carita lokal jeung agama Islam.