Aseupan dijieunna tina

Posted on

Aseupan dijieunna tina

Jawaban Terkonfirmasi

Aseupan dijieunna tina awi. Dina adat istiadat Sunda, aya sawatara parabot dapur anu dijieunna tina awi. Malahan pikeun wangunan oge loba urang Sunda anu make dingding imah anu dijeunna tina awi nyaeta anu disebut bilik. Salian ti aseupan, parabot dapur anu biasa dijieun tina awi nyaeta saperti boboko, nyiru, tudung saji, jeung sajaba ti eta. Sedengkeun parabot imah anu biasa dijieun tina awi nyaeta saperti korsi.

Pembahasan

Awi kaasup kana bahan anu kuat pikeun dijadikeun bahan parabot dapur atawa pikeun bahan nyieun imah. Tapi kiwari kusabab geus loba parabot anu dijieun tina plastik anu hargana bisa leuwih murah, parabot dapur saperti aseupan geus jarang anu dijieun tina awi. Malahan ayeuna mah aseupan anu biasana digunakaeun pikeun nyangu oge geus diganti ku rice cooker.

Pelajari lebih lanjut

__________

Detil Jawaban

Kelas : IX

Mapel : Bahasa Sunda – Adat Di Palemburan

Bab : 2

Kode : 9.13.2

Kata Kunci : Adat istiadat Sunda