Bagian tina drama anu mangrupa amanat/kacindekan carita nyaeta?
Bagian tina drama anu mangrupa amanat/kacindekan carita nyaeta Epilog. Epilog nyaeta penjelasan pamungkas anu aya dina drama, eusina biasana mangrupa kacindekan lalakon jeung nasehat pangarang carita drama. Drama teh mangrupa salah sahiji rupa seni anu wangunna nyaeta seni pintonan anu dilarapkeun kana wanda sandiwara.
Drama nu aya di wewengkon Sunda, jejer atawa tema caritana biasana dicokot tina carita buhun anu geus aya di masarakat Sunda nyaeta saperti carita pantun atawa dongeng. Naskah drama biasana ditulis dina wangun paguneman. Naskah drama biasana dibagi jadi sawatara bagian.
Pembahasan
Bagian jeung istilah nu aya dina drama nyaeta saperti adegan, babak, prolog, epilog, dialog sarta monolog. Hiji drama bisa ngabogaan leuwih ti hiji babak, hiji babak oge bisa ngabogaan leuwih ti hiji adegan. Prolog nyaeta penjelasan samemeh drama dimimitian, eusina mangrupa katerangan ngeunaan lalakon anu rek dipagelarkeun.
Dialog mangrupakeun obrolan atawa sok disebut oge guneman antara palaku nu aya dina hiji drama. Epilog nyaeta penjelasan pamungkas anu aya dina drama, eusina biasana mangrupa kacindekan lalakon jeung nasehat pangarang carita drama. Monolog hartina nyaeta nyarita sorangan.
Naskah drama biasa dijieun dina wangun paguneman. Wangun paguneman dianggap wangun anu anu paling cocog pikeun nulis naskah drama, sabab kalimah anu digunakeun dina paguneman nyaeta mangrupa kalimah langsung. Salian ti ayana kalimah langsung, dina paguneman oge aya aturan-aturan anu saluyu jeung bisa dilarapkeun dina nyieun naskah hiji drama.
Aturan-aturan anu aya dina paguneman nyaeta aturan anu aya patalina jeung tarik launna atawa bentesna sora atawa anu sok disebut oge lafal, luhur handapna sora atawa sok disebut lentong, pilihan kekecapan anu digunakeun dina nyarita, sarta penjiwaan dina waktu nyarita.
Pelajari lebih lanjut
- Naon nu dimaksud drama brainly.co.id/tugas/6974084
- Naon nu dimaksud naskah drama brainly.co.id/tugas/13627820
- Istilah-istilah dina drama brainly.co.id/tugas/10127948
__________
Detil Jawaban
Kelas : XII
Mapel : Bahasa Sunda – Drama
Bab : 6
Kode : 12.13.6
Kata Kunci : Drama, naskah drama, paguneman, epilog, prolog