Buat kan puisi b sunda 3 bait

Posted on

Buat kan puisi b sunda 3 bait

PAHLAWAN

Hirup nu pinuh ku perjuangan

Persenjataan nu éléh teu di jadikeun alesan

Perang ngalawan panjajahan

Bajuang kanggo kamerdékaan

Prajurit nu mulih ka asalna

Tong dianggap geus palastra

Perang’na jalan nu di pirido Allah Ta’ala

Janten mangpaat kanggo nagara jeung bangsana

Urang sok poho kana jasana

Nu geus ngorbankeun kahirupanna

Kanyeri nu geus teu di rasa

Sakabéhna kanggo nagara Indonésia

DWI LESTARI ROHADIRJA

GUSTI

Duh Gusti Anjeun tempat abdi menta tulung

Tempat abdi ngado’a

Neda panghampura ti anjeun Duh Gusti Mereun abdi loba dosa Abdi taya maksud ngalakukeunana Sakabeh abdi lakukeun kusabab hilap Sakapeung abdi teu malire parentah Anjeun Malahan kalahka ngalakukeun panyaram Anjeun Hampura sadaya dosa Abdi

Ya Allah….