Buatlah Karangan Bahasa Sunda Tentang Lingkungan!
Jalma anu bereseka nyeta jalma anu mentingkeun kabersihan awak jeung rumah tanggana. sanajan jalma anu bereseka teh tangtu geus alus, tapu masih kurang keneh upamana henteu mentingkeun oge kaberseihan lingkungan nna atawa kabersihan sabuderan imah atawa tempat lilana.
Anu ngabogaan tanggung jawab kabersihan lingkunganteh nyaeta urang sarerea. urang sarerea kudu miboga kasadaran pikeun ngajaga kabersihan boh dilingkungan sabuderan imah boh di lingkungan sabuderan sakolam
Kaberesihan Lingkungan
Jalma anu berseka nyaeta jalma anu mentingkeun kaberesihan awak jeung rumah-tanggana. Sanajan jalma anu berseka teh tangtu geus alus, tapi masih kurang keneh umpama henteu mentingkeun oge kaberesihan lingkunganana atawa kaberesihan sabuderan imah atawa tempat lianna.
Anu ngabogaan tanggung jawab kaberesihan lingkungan teh nyaeta urang sarerea. Urang sarerea kudu kudu miboga kasadaran pikeun ngajaga kaberesihan, boh lingkungan sabuderan imah boh lingkungan sabuderan sakola. Kaberesihan lingkungan teh kudu dijaga sacara rutin, ulah ngan saukur mun aya perlombaan kaberesihan wungkul.
Ku ayana lingkungan anu beresih tangtu bisa ngabantu urang kahindar tina sagala rupa panyakit. Naon sababna kaberesihan lingkungan anu kudu dijaga teh nyaeta kaberesihan lingkungan di imah jeung di sakola?. Sabab lamun ngan kaberesihan salah sahiji wungkul anu dijaga tangtu moal ngajamin urang kahindar tina sagala panyakit.
Sangkan urang sacara rutin ngajaga kaberesihan, tangtu kudu dijieun jadual jeung rancana kumaha carana urang beberesih di lingkungan sakola jeung di imah.