Cerita bahasa sunda tentang kebersihan

Posted on

Cerita bahasa sunda tentang kebersihan

Anu ngabogaan tanggung jawab pikeun ngajaga kaberesihan lingkungan sakola teh nyaeta urang sarerea. Urang sadaya kedah mibogaan kasadaran pikeun ngajaga kaberesihan, boh di sakitaran lingkungan imah boh di sakitaran lingkungan sakola. Kaberesihan lingkungan sakola teh kudu dijaga, ulah ngan saukur mun dititah wungkul ku guru.

Ku ayana lingkungan anu beresih tangtu tiasa ngabantu urang kahindar tina sagala rupa panyakit. Janten, kabersihan di lingkungan sakitar urang teh wajib dijaga ku hal-hal anu positif supados bersih jeung lestari lingkungan sakola éta, sabab kabersihan teh mangrupakrun sabagian tina iman.

Ayeuna, tos seueur pisan sagala macem panyakit anu disababkeun ku teu apikna jalma-jalma kana lingkungan. Loba jalma nu ngahaja ngarusak lingkungan pikeun kapentinganna sorangan. Aktivitas anu négatif ieu teh pasti bakal ngajieun masalah di waktos mangsa kahareupna

Dimana urang ayena tos terang kiwari loba pisan masalah nu ditimbulkeun gara-gara lingkungan anu kotor di lingkungan urang. Janten, urang sadaya kedah emut kana ngajagi lingkungan dimana wae ayana.

Salah sahiji masalah tina teu bersihna lingkungan nyaéta datangna panyakit, kusabab loba jalma nu teu ngajagi kabersihan lingkungana. Lamun hiji lingkungan tos kotor, loba sampah dimana-mana, geus pasti panyakit moal tiasa urang hindaran.

Kusabab eta, urang kedah ngajaga kabersihan lingkungan sapertos di lingkungan sakola. Kalakuan anu sakirana ngarusak atawa ngotoran lingkungan sakola, kedah urang carek. Sabab, sagala perkawis kedah di mimitian ku urang sadaya terutami pikeun ngajaga kabersihan di lingkungan sakola.