Cing sebutkeun ku hidep Contona nu kumaha ngariksa tanah sunda teh?​

Posted on

Cing sebutkeun ku hidep Contona nu kumaha ngariksa tanah sunda teh?​

Jawaban:

Ngariksa hartina ngajaga. Aya sawatara cara anu bisa dilakukeun dina ngariksa Tanah Sunda, nyaeta ngariksa sacara fisik jeung ngariksa sacara non-fisik. Anu dimaksud ngariksa sacara fisik nyaeta saperti ngariksa lingkungan Tanah Sunda boh dina kaberesihan boh dina kalestarian alam jeung lingkunganana.

Sedengkeun anu dimaksud ku ngariksa sacara non-fisik Tanah Sunda nyaeta ngariksa Tanah Sunda dina widang seni, budaya jeung basana. Dina raraga ngariksa Tanah Sunda urang kudu ngamumule seni, budaya jeung basa Sunda, saperti mikawanoh seni jeung budaya Sunda, sarta ngamumule basa Sunda ku cara ngomong basa Sunda sapopoe.