Conto :

Posted on

Hasil Wawancara

Ngeunaan Bahaya Narkoba jeung Hiv

(Laporan disusun wangun tanya jawab)

Ilo deui ieu hasil wawancara di handap!

Nu Nanya : “Pa, punten abdi badé nyuhunkeun katerangan, kinten- kinten naon

baé

masalah anu dipayunan ku pamaréntah akibat tina narkoba téh?”

Narasumber : “Kiwari narkoba mémang jadi masalah, lain baé keur pamaréntah,

tapi

keur sakumna masarakat, ogé lain ukur di Indonesia, tapi di unggal

nagara di sakuliah dunya. Ari nu jadi sababna narkoba téh bisa

ngaruksak mental bangsa, utamana barudak ngora.”

Nu nanya : “Kumaha kaayaan jalma anu ngagunakeun narkoba dina mangsa
kiwari téh
Pa?”
Narasumber : “Justru éta kaayaanana geus matak pikahariwangeun. Nu

nyalahgunakeun narkoba ti taun ka taun téh lain ngurangan, geuning

kalah ngaronjat. Tah ieu téh pagawéan anu beurat pikeun pamaréntah

mah”

Nu Nanya : “naon waé anu karandapan ku jalma anu ngagunakeun narkoba téh,

Pa?”

Narasumber : “Sakur nu nyalahgunakeun narkoba, utamana nu

ngagunakeun

jarum suntik, baris nimbulkeun masalah séjénna, salasahijina

nyebarna virus HIV.”

Nu Nanya : “Kinten-kinten naon nu nyababkeun éta jalma wani-wani

ngagunakeun

narkoba?”

Narasumber : “Ari nu jadi sababna mah rupa-rupa, aya faktor psikologis, biologis,

sosial,

katut spiritual saperti kurangna bingbingan atikan agama. Lamun jalma

nu geus katagihan sok hésé ngeureunkeunana. Matak urang ulah

sakali-kali kumawani ngagunakeun narkoba, lamun geus katagihan mah

hésé ubarana.”

Nu Nanya : “Kumaha sangkan ieu kasus narkoba téh teu nerekab ka generasi

ngora?”

Narasumber : “Sangkan ieu masalah téh teu nerekab, perlu diihtiaran kalawan sosonsoson, di antarana ku cara ngalibetkeun pamaréntah, LSM, kaasup ogé

média massa, jeung pusat réhabilitas HIV/AIDS.”

Nu Nanya : “Tarékah naon kinten-kintenna sangkan jalma-jalma hususna generasi

ngora

Teu kalibet ngagunakeun narkoba?”

Narasumber : “Anu leuwih utama mah dijaga timimiti lingkungan kulawarga.

Barudak

Salaku generasi ngora dididik ku atikan agama sangkan pengkuh

kaimanannana. Salian ti éta, méré nyaho sangkan barudak apal yén

narkoba téh barang haram anu dilarang ku agama jeung pamaréntah.

Sabab bakal ngaruksak méntal jeung runtuhna nagara.

Nu Nanya : “Naha tina narkoba tiasa ngaruntuhkeun nagara?” Narasumber : “Nya

muhun, pan narkoba mah bisa ngaruksak pisikjeung méntal. Awak

ruksak, pikiran kaganggu, teu bisa konséntrasi, da pikiranana pinuh ku

lamunan nu teu pararuguh. Tah lamun generasi ngora geus kitu, saha anu baris ngolah nagara? Antukna nagara moal aya nu maliré. Tah ieu

pisan anu dipikahariwang ku sakumna masarakat Indonesia téh.”

PANCEN!

Sabada maca pedaran jeung conto laporan wawancara di luhur pék pigawé ieu pancén di

handap!

1) Naon waé kudu diperhatikeun saupama hidep nuliskeun hiji laporan hasil

wawancara?

2) Anu ditanyakeun ka petugas HIV di luhur téh ngawengku pertanyaan model 5 W

jeung 1H. Pék ku hidep paluruh mana anu kaasup (what, who, where, which,

when, jeung How)!

tolong bantu jawaban Pancen nya yaa ka

Conto :

Jawaban:

wancanane gusta anahwa