Contoh sajak bahasa sunda sumanget diajar
Meri
yasana : apip mustofa
Di alam dunya
asana moal aya
nu bisa hirup sauyunan
cara meri saabrulan
Mun nu ngagon nita ngatuhu
bring ngatuhu
mun nu ngangon nitah ngenca
bring ngenca
bari disarada
wek wek wek
Di alam Dunya
asana moal aya
nubisa hirup basajan
cara meri saabrulan
Dahar cukup saayaaya
kumaha nu rek maraban
mun keur di abur
lolodok disawah batur
Bari disarada
wek wek wek