Contoh wawancara basa sunda

Posted on

Contoh wawancara basa sunda

Lia : Assalamualaikum!.
Pa Amat : Waalaikumsalam!.
Lia : Punten pa ngaganggu, kumaha tiasa nyuhunkeun waktos Bapa sakedap, abdi bade tumaros?.
Pa Amat : Mangga, bade naroskeun naon Neng?.
Lia : Ieu pa abdi bade tumaros perkawis papangaosan ayeuna.
Pa Amat : Muhun mangga, bade naroskeun pangaos naon?.
Lia : Dupi pangaos cengek ayeuna sakilo sabaraha pa?.
Pa Amat : Ayeuna pangaos cengek teh 20 rebu sakilo, nuju awis neng!, kawitna mah mung 15 rebu.
Lia : Naon margina tiasa awis kitu pa?.
Pa Amat : Kumargi pan ayeuna mah nuju usum hujan janten cengek teh seueur nu buruk.
Lia : Oh kitu, hatur nuhun Bapa parantos masihan waktos ka abdi kanggo wawancara.
Pa Amat : Sami-sami, Neng.