Dina biantara oge loba pisan teks nu kudu dikawasa ku orator kalayan hapal Jeung merenah biantarana, ku kituna si orator kudu ngagunakeun teknik

Posted on

a.Teknik Memoriter
b.Teknik Maca teks
c.Teknik Manuscrip
d.8Teknik Babasan​

Dina biantara oge loba pisan teks nu kudu dikawasa ku orator kalayan hapal Jeung merenah biantarana, ku kituna si orator kudu ngagunakeun teknik

Jawaban: a. Téknik Mémoriter

Pembahasan

Tékbik/Métodeu biantara nyaéta cara midangkeun hiji biantara. Biantara nyaéta nyrita atawa nepikeun kedalan di hareupeun jalma réa anu caritaanana disusun sacara rapih tur merenah. Ditilik tina suasanana aya dua rupa biantara nyaéta biantara resmi jeung biantara teu resmi.

Aya opat téknik/métodeu biantara, nyaéta nu disebut métodeu impromtu, métodeu ngapalkeun (mémoriter), métodeu naskah, jeung métodeu ékstémporan. Di handap ieu dijentrekeun naon maksud unggal metode biantara nu disebutkeun:

  1. Téknik/Métodeu impromtu atawa ngadadak nyaéta métodeu biantara nu midangkeunana téh ngadadak atawa henteu tatahar heula ngan ngandelkeun pangaweruh atawa pangarti nu dipiboga ku dirina.
  2. Téknik/Métodeu ngapalkeun (Mémoriter) nyaéta métodeu biantara nu nepikeunana téh nyaéta ku ditulis heula naon nu rék diomongkeun atawa ditepikeun, terus diapalkeun per kecapna. Kusabab kitu, métodeu biantara ku ngapalkeun mah sok rada kaku, sabab nu nepikeun éta biantara kudu nginget nginget naon nu rék diomongkeun.
  3. Téknik/Métodeu naskah nyaéta métodeu biantara nu nepikeunana ku cara maca naskah. Biasana nu ngaregepkeun ieu biantara henteu pati mikaresep kana éta métodeu biantara sabab biasana nu nepikeun éta biantara sok sering tungkul maca naskah biantara. Biasana métodeu ieu digunakeun dina acara-acara resmi.
  4. Téknik/Métodeu ékstémporan nyaéta métodeu biantara nu nepikeunana teu ngagunakeun naskah, tapi biasana disusun catetan gurat badag nu rék di tepikeun. Gurat badag naon nu rék diomongkeun dicatet sacara taliti. Kalimah atawa kecap nu ditepikeun bébas tapi tetep dumasar kana gurat badag nu aya dina catetan.

Pelajari Lebih Lanjut

1. Bagéan-bagéan biantara di : brainly.co.id/tugas/4565315

──────────────

Detail Jawaban:

Mapel: Basa Sunda

Kelas: 9

Bab: Bab 1 – Biantara

Kode kategorisasi: 9.13.1

Kata kunci: biantara, téknik, orator

[@fjrkim]

Gambar Jawaban