Dina hutbah teh sok aya cutatan ayat quran atawa hadis, naon eta teh maksudna ?

Posted on

Dina hutbah teh sok aya cutatan ayat quran atawa hadis, naon eta teh maksudna ?

Jawaban Terkonfirmasi

Khutbah teh hartina sarua jeung biantara. Tapi khutbah mah nyaeta biantara anu khusus ngenaan agama, khususna dina agama Islam, anu dilakukan dina sholat saperti sholat Jum'at, sholat Idul Fitri jeung sholat Idul Adha. Khutbah eusina nyaeta mangrupakeun ajakan pikeun ningkatkeun kaimanan jeung katakwaan ka Allah SWT. Jalma anu nepikeun khutbah disebutna khatib.

Kusabab sumber ajaran agama Islam teh nyaeta tina Qur'an jeung hadist, dina khutbah sok aya cutatan tina eusi Qur'an jeung hadist. Kusabab kitu, saurang khatib, kudu paham eusi Qur'an jeung hadist, supaya ajakan nu aya dina hiji khutbah, nyaeta ajakan pikeun ningkatkeun kaimanan jeung katakwaan ka Allah SWT, bisa ditepikeun kalayan merenah.