Dongeng munding jeung oray totog

Posted on

Dongeng munding jeung oray totog

Dongeng nyaeta karya sastra wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern atawa prosa anyar. Conto karya sastra wangun prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra wangun prosa modern nyaeta novel jeung carita pondok atawa carpon.

Ciri-ciri utama anu aya dina hiji dongeng nyaeta carita anu aya dina dongeng sok pamohalan atawa teu asup kana akal jeung loba bohongna. Saperti dina carita dongeng mah aya sato atawa tutuwuhan anu bisa ngomong. Kusabab dina dongeng caritana sok pamohalan jeung loba bohongna, carita dongeng sok dipikaresep pisan ku barudak. Kusabab dipikaresep ku barudak, carita dongeng sering digunakeun pikeun dieusian ku carita anu mangrupakeun atikan anu penting pikeun barudak.

Carita anu aya dina dongeng sering dijadikeun picontoeun jeung pieunteungeun anu ampuh pikeun barudak, sabab barudak sok resep pisan kana carita nu aya dina dongeng anu pamohalan jeung loba bohongna. Sanajan carita nu aya dina dongeng teh sok pamohalan jeung loba bohongna, dongeng teh ampuh pisan pikeun dieusi ku atikan anu bisa dijadikeun pieunteungeun jeung picontoeun, sabab barudak resep kana carita nu aya dina dongeng, saperti carita monyet jeung kuya, carita peucang jeung buhaya, carita monyet jeung maung, jeung sajabana ti eta.

Unsur-unsur anu aya dina dongeng nyaeta anu disebut unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik. Unsur intrinsik anu aya dina carita dongeneg nyaeta tema, latar, galur, tokoh, watak tokoh, amanat, sudut pandang jeung gaya basa. Dihandap ieu dijentrekeun unsur intrinsik anu aya dina carita dongeng:

1. Unsur tema, nyaeta gagasan, pikiran atawa ide utama anu jadi dasar eusi carita nu aya dina dongeng. Tema mangrupakeun jiwa ti sakabeh bagian carita nu aya dina dongeng. Umpama ditilik tina cara nepikeunana, aya tema anu ditepikeun ku sacara tersurat atawa sacara jelas jeung ku sacara tersirat atawa sacara samar-samar.

2. Unsur latar, nyaeta sagala pitunjuk atawa katerangan anu aya kaitanana jeung waktu, suasana, ruang, jeung situasi kajadian hiji peristiwa nua aya dina carita dongeng. Aya tilu unsur anu dianggap poko nu aya dina latar, nyaeta latar waktu, latar tempat, jeung latar suasana.

3. Unsur galur, nyaeta runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian anu aya nepi ka ngabentuk hiji carita dina carita dongeng.

4. Unsur tokoh, nyaeta jalma-jalma nu dicaritakeun jeung loba mawa peran dina hiji dongeng. Tokoh dibagi jadi tilu rupa, protagonis nyaeta anu jadi tokoh utama, antagonis nyaeta anu jadi tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama, jeung tritagonis nyaeta anu jadi Penengah antara tokoh utama jeung tokoh lawan.

5. Unsur watak tokoh, nyaeta unsur anu ngagambarkeun karakter atawa watak tokoh nu bisa ditilik tina tilu segi nyaeta : dialog tokoh, penjelasan tokoh sarta penggambaran fisik tokoh.

6. Unsur amanat, nyaeta pasualan, perkara, pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku pangarang liwat carita dongeng.

7. Unsur sudut pandang, nyaeta hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh nu aya dina dongeng ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.

8. Unsur gaya basa, nyaeta hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang dina raraga ngahasilkeun dongeng anu hirup jeung endah.

Sedengkeun unsur-unsur ekstrinsik nu aya dina dongeng nyaeta unsur-unsur ti luar anu mangaruhan kana eusi carita nu aya dina hiji dongeng. Unsur ekstrinsik nu mangaruhan eusi carita nu aya dina dongeng nyaeta saperti nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama.

Simak lebih lanjut di Brainly.co.id – brainly.co.id/tugas/5307545#readmore