Harti dan kalimah hade gogog hade tagog

Posted on

Harti dan kalimah hade gogog hade tagog

Jawaban Terkonfirmasi

Kategori Soal : Bahasa Sunda – Pakeman Basa
Kelas : IX (3 SMP)
Pembahasan :

"Hade gogog hade tagog" teh mangrupa hiji paribasa anu aya dina basa Sunda. Harti tina paribasa hade gogog hade tagog teh nyaeta alus dina nyarita jeung alus dina kalakuannana. Conto kalimah anu make paribasa hade gogog hade tagog nyaeta saperti "Ari jadi pamingpin mah kudu hade gogog hade tagog, sabab tangtu loba anu nempokeun".

Dina basa Sunda loba paribasa anu kekecapannana murwakanti. Saperti dina paribasa hade gogog hade tagog, kecap gogog murwakanti jeung kecap tagog. Kitu oge dina paribasa "hade tata hade basa", kecap tata murwakanti jeung kecap basa. Paribasa "hade tata hade basa" moboga harti anu sarua jeung "hade gogog hade tagog".