Istilah kawih nurutkeun kamus bahasa sunda nyaeta?

Posted on

Istilah kawih nurutkeun kamus bahasa sunda nyaeta?

Jawaban Terkonfirmasi

Kategori Soal : Bahasa Sunda – Kawih
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :

Dina salahsahiji kamus basa Sunda-Indonesia aya definisi istilah kawih nyaeta "kawih lagu yang iramanya tidak teratur yang bersajak dalam bahasa Sunda". Nilik kana definisi eta, aya kekecapan anu saliwat mah rada aneh, nyaeta "iramanya tidak teratur". Umpama anu dimaksud irama teh nyaeta irama musik, teratur henteuna irama musik mah memang relatif, hese nangtukeun hiji irama musik teratur atawa henteu.

Tapi anu dimaksud "iramanya tidak teratur" dina eta definisi teh nyaeta irama atawa lagu sora engang kekecapan anu aya dina kawih, atawa sok disebut guru lagu. Salian ti mangrupa lagu, kawih oge nyaeta karya sastra wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, nyaeta teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Sedengkeun tembang nyaeta karya sastra wangun puisi anu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, nyaeta kaiket gu guru lagu jeung guru wilangan pupuh.