Jaga lambey

Posted on

Jaga lambey
Ilat ulah diabur
Sakur kecap nu kaluar
Kahade sarengan ku tanggung jawab
Jaga lambey
Ilat ulah diumbar
Ucap teu jeung emutan
Bakal meulit diri urang
Jaga lambey
Sakur ucap nu tos kaluar
Sulit ditarik sesah ditewak
nya jiwa raga katempuhan
Jaga lambey
Cangcang ilat
Mending jempe batan rehe
Ucap kudu nu ngandung mangpaat

soal.
1. naon eusi sajak diluhur, jelaskeun ku hidep
2. Caritakeun ku hidep make bahasa sorangan naon sababna manusa sok cilaka ku omongannana sorangan

Jaga lambey

1.urang kudu jaga lambey

2. Sebab lamun utang teu ngajaga lambey matak picilakaeun,,bakal meulit diri utang sorangan