Jelaskan tentang contoh puisi bahasa sunda
Tourwoldinfo.blogspot.co.id/2012/1/puisi-bahasa-sunda.htmI
TUH SAKSINA
Tuh saksina bendungan waduk Darma anu ngembat tur weweg
Tuh saksina cai anu ngaplak di waduk Darma mani herang mencrang
Tuh saksina angin nu nebak tangkal sisi bendungan waduk Darma
Tuh saksina langit biru di waduk Darma
Naon deui anu diragukeun
Naon deui anu kudu dibuktikeun
Jalan aspal masih keneh hideung
kecap rasa nyaah masih keneh nempel dina biwir
Tuh saksina masih nyaksian urang duaan
Ngiuhan handapeun tangkal nu iuh di sisi bendungan waduk Darma.