Jelaskeun anu dimaksud dongeng pieunteungeun jeung dongeng picontoeun sarta bere contona!

Posted on

Jelaskeun anu dimaksud dongeng pieunteungeun jeung dongeng picontoeun sarta bere contona!

Jawaban Terkonfirmasi

Dongeng nyaeta karya sastra wangun lancaran atawa anu sok disebut oge prosa. Dina karya sastra wangun prosa, aya dua rupa prosa, nyaeta anu disebut prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng kaasupna kana wangun prosa buhun. Conto karya sastra wangun prosa buhun lianna nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra wangun prosa modern nyaeta saperti carita pondok atawa carpon jeung novel.

Ciri-ciri anu utama dina hiji dongeng nyaeta yen carita nu aya dina dongeng mah sok pamohalan atawa teu asup kana akal jeung loba bohongna. Saperti dina carita dongeng mah aya sato atawa tutuwuhan anu bisa ngomong. Tapi kusabab dina dongeng mah caritana sok pamohalan jeung loba bohongna, carita dongeng mah sok dipikaresep pisan ku barudak. Kusabab dipikaresep ku barudak, carita dongeng sering digunakeun pikeun dieusian ku carita anu mangrupakeun atikan anu penting pikeun barudak.

Carita nu aya dina dongeng sering dijadikeun pieunteungeun jeung picontoeun anu paling efektif pikeun barudak, sabab barudak sok resep pisan kana carita nu aya dina dongeng anu sok pamohalan jeung loba bohongna. Sanajan carita nu aya dina dongeng teh sok pamohalan jeung loba bohongna, dongeng teh efektif pisan pikeun dieusi ku atikan anu bisa dijadikeun pieunteungeun jeung picontoeun, sabab barudak resep kana carita nu aya dina dongeng, saperti carita monyet jeung kuya, carita peucang jeung buhaya, carita monyet jeung maung, jeung sajabana ti eta.