Jieun kalimah tina kecap 1.mangga 2.kahoyong teh
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : – (SMP)
Pembahasan :
Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Dina ragam basa hormat atawa lemes aya dua ragam basa lemes, anu kahiji nyaeta basa lemes keur ka sorangan, keur ka sasama atawa keur ka anu leuwih ngora, anu kadua nyaeta basa lemes keur ka batur anu saluhureun atawa anu dihormat.
1. Conto kalimah tina kecap mangga nyaeta saperti "Bilih bade leleson mah mangga tiasa nganggo kamar anu di payun".
2. Conto kalimah tina kecap kahoyong teh nyaeta saperti "Acuk pesenan warna hejo kahoyong teh parantos aya". Eta kalimah teh hartina sarua jeung "Acuk pesenan warna hejo kahoyong anjeun teh parantos aya".
Kecap "kahoyong teh" dina eta kalimah mangrupa kecap lemes pikeun ka sasama atawa ka anu leuwih ngora. Sedengkeun kecap lemesna pikeun ka batur saluhureun tina kecap "kahoyong teh" nyaeta "kapalay teh".