Kumaha ari kekecapan anu di pake dina sajak?jentrekeun!
Kategori Soal : Bahasa Sunda – Sajak
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Kekecapan anu di pake dina sajak biasana kekecapan anu merenah tur endah, nyaeta saperti kekecapan anu ngandung wirahma, murwakanti jeung gaya basa. Sajak nyaeta hiji karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Sajak mangrupa karya sastra dina wangun puisi anu henteu pati kauger ku aturan.
Dina puisi Sunda, aya sawatara puisi anu kauger ku aturan jeung aya oge puisi anu henteu kauger ku aturan. Conto puisi Sunda anu kauger ku aturan nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Guguritan jeung wawacan kauger ku aturan pupuh. Sedengkeun conto puisi Sunda anu hentu kauger ku aturan nyaeta saperti sajak, mantra, pupujian jeung kawih.
Sanajan sajak henteu kauger ku aturan, dina rumpaka sajak aya sawatara unsur anu bisa dijadikeun panduan, boh dijadikeun panduan dina nyieun sajak boh dijadikeun panduan dina nilik atawa nganalisa eusi rumpaka hiji sajak. Unsur anu aya dina rumpaka sajak nyaeta mangrupa unsur lahiriah jeung unsur batiniah rumpaka sajak.
Anu mangrupa unsur lahiriah rumpaka sajak nyaaeta unsur-unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngadung wirahma, murwakanti jeung gaya basa. Sedengkeun anu mangrupa unsur batiniah rumpaka sajak nyaaeta unsur-unsur tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat.
Jadi, kekecapan anu merenah tur endah, nyaeta saperti kekecapan anu ngandung wirahma, murwakanti jeung gaya basa anu biasa dipake dina sajak teh mangrupa salahsahiji unsur lahiriah rumpaka sajak, anu perlu diperhatikeun jeung dilarapkeun ku panyajak dina waktu nyieun hiji sajak.